Rd. Ayu Lasminingrat
Rd. Ayu Lasminingrat teh istri Sunda anu ageung pisan jasana dina widang pandidikan. Dina taun 1907, anjeunna mokalan ngadegkeun Sakola Kautamaan Istri di lingkungan pendopo Garut. Ie sakola teh diajangkeun jadi tempat ngadidik para wanoja, anu dina mangsa harita mah can aya anu asup sakola. Sakur muridna dididik maca jeung nulis, katut karancagean lianna anu dipikabutuh ku kaon wanoja.
Rd. Ayu dibabarkeunna taun 1843, pituin urang Garut. Anjeunna teh pura Rd. Haji Muhammad Musa, anu dina jaman harita jeneng Kapala Panghulu Kabupaten Garut.
Jaman harita mah can aya sakola pikeun barudak wanoja. Har, naha di mana atuh ari Rd. Ayu diajarna? Kitu jigana pananya hidep teh. Tah, anjeunna mah diajarna teh ka Kontrolir Levisan, urang Walanda. Lian ti diajar maca sareng nulis, diajar basa Walanda jeung elmu pangaweruh lianna deuih, hususna anu patali sareng kawanitaan.
Rd. Ayu teh henteu ngan wungkul icikibung dina kagiatan sakola, tapi deuih getol ngadamel karangan. Ku kituna, anjeunna teh kalebet ahli sastra deuih. Karanganana dina basa Sunda dipedalkeun ku Bale Pustaka, tur jadi bacaan di saban Sakola Dasar.
Rd. Ayu teh pasehat pisan dina nyangkem basa Walanda. Buku-buku sasatra karangan urang Eropa, hususna pangarang ti nagri Walanda, seeur anu di tarjamahkeun ku anjeunna kana basa Sunda. DIna narjamahkeunana oge henteu salamina gugon kana wangun aslina, tapi seeur anu diserat deui dina wangun dangding. Umumna mah anu ditarjamahkeun ku anjeunna teh buku-buku bacaan barudak, diantarana anu judulna Warnasari jeung Kulit Kalde.
Najan harita kaom istri di urang masih keneh tinggaleun, tapi ari Rd. Ayu mah gaulna tos lega, henteu mung sareng papada urang SUnda wungkul, tapi deuih sareng bangsa asing. Ka Gupernur Jenderal oge anjeunna mah tos teu aneh deui.
Rd.Ayu nikahna ka Bupati Garut, Rd. Adipati Aria Wiratanudatar VIII. Dina taun 1912, anjeunna ngadegkeun Sakola Kautamaan Istri, anu ambahan langkung lege batan sakola anu diadegkeun dina taun 1907.
Anjeunna ngantunkeun dina yuswa 105 taun. Garapananan dina widang pandidikan dilajengkeun ku salasawios putra wargina, nyaeta Rd. Purnamaningrat.
#Babaran Kecap
- Mokalan = inisiatif
- diajangkeun = disayagikeun pikeun
- Wanoja = Awewe/Istri
- Pituin = Asli
- Icikibung = Ilubiung/milu ancrub
- dipedalkeun = di kaluarkeun/ diterbitkeun
- pasehat = bisa nyarita (ngucapkeun kata atawa kalimah)
- nyangkem = apal tapi teu ngarti kana maksudna
- dilajengkeun = dituluykeun
Sumber seratan dicandak tina Buku Gapura Basa Sunda